Depan Profil Sejarah Desa Kramatmulya

Sejarah Desa Kramatmulya

SEJARAH /RIWAYAT DESA KRAMATMULYA

 

           "Versi Sunda"

 

            Ti awit jaman penjajah Belanda jeung Jepang ngaran Desa Kramatmulya nyaeta Desa Kurucuk. Ngaran Desa Kurucuk di cokot tina ngaran tempat anu dipake ranjau nyaeta sagala bentuk cucuk anu dipake ranjau pikeun ngahadang kaum penjajah anu rek asup ka Desa Kurucuk. Di Desa Kurucuk ieu aya makam Gegeden anu di keramatkeun jadi sampe kaayeuna aya hiji jalan “ Buyut Demang ” anu posisina lempeng jeung jalan anu ti Desa Kalapagunung.

 

            Salain ti eta aya ngaran hawangan “ Cibugang ” caritana keur baheula di eta hawangan aya 2 jawara tarung patutunggalan nepi ka paehna dua jawara di hawangan eta, jadi sampe ka ayeuna dingaranan “  Cibugang ”. Di Desa Kurucuk oge aya hiji tempat anu letakna dihulu dayeuh nyaeta dikomplek pasar aya tempat nu dikeramatkeun ku warga desa, ceuk beja eta tempat Keramat teh anu ngaping jeung ngaraksa desa, bentukna nyaeta Kuburan. Menurut riwayat kuburan etateh nyaeta kuburan Karuhun anu merjuangkeun Desa supaya aman tina gangguan panjajah Bangsa lain.

 

            Saenggeus bangsa urang merdeka jeung ganti pamarentahan, ngaran Desa Kurucuk diganti ku ngaran Desa Kramatmulya anu dicokot tina ngaran tempat anu tadi dicaritakeun diluhur nyaeta ayana makam keramat di hulu dayeuh atanapi di komplek pasar, sampe kaayeuna ngaran desa tetep Desa Kramatmulya, anu maksudnamah panginget-nginget yen di Desa teh aya makam keramat nyaeta karuhun anu merjuangkeun Desa.

 

            Sebagian gede warga desa jadi petani jeung pedagang, kaayaan dijero Desa ayeuna tentrem, aman gemah ripah loh jinawi.

 

 

“Tah ieu riwayat singkat asal muasal ayana ngadegna Desa Kramatmulya”

"Tahun 1964-1965 Berdirinya Desa Kramtmulya"